khutbah idul adha bahasa sunda nabi ibrahim tuladan sepanjang jaman dakwah.id

Khutbah Idul Adha Bahasa Sunda: Nabi Ibrahim Tuladan Sapanjang Jaman

Terakhir diperbarui pada · 1,337 views

Khutbah Idul Adha
Nabi Ibrahim Tuladan Sapanjang Jaman

Pemateri: Abdillah Mushthafa, S.Sos.

*) Link download PDF materi khutbah Jumat ada di akhir tulisan

اَللهُ اَكْبَرُ، اَللهُ اَكْبَرُ، اَللهُ اَكْبَرُ، اَللهُ اَكْبَرُ، اَللهُ اَكْبَرُ، اَللهُ اَكْبَرُ، اَللهُ اَكْبَرُ، اَللهُ اَكْبَرُ، اَللهُ اَكْبَرُ وَلِلّهِ الْحَمْدُ.

اْلحَمْدُ لِلّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنسْتغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ. وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ. أَشْهَدُ أنْ لاَ إلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ. وَأشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ هَذَا الرَّسُوْلِ الْكَرِيْمِ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَمَّا بَعْدُ:

فَيَا عِبَادَ اللهِ، أُصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.

Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar wa lillahil-hamd.

Jamaah Sholat Idul Adha rahimakumullaah

Idul Adha, waktos kabagjaan sareng kabungahan pikeun urang sadaya kaum muslimin sarta mukminin, mangka ti éta hayu urang sami-sami ronjatkeun iman sarta taqwa ka Gusti Allah shallallahu ‘alaihi wasallam kalawan sasaé-saéna iman sareng taqwa, urang jalankeun paréntah Allah sareng tebihan sadaya larangan Anjeunna kalawan sekuat-kuatna.

Mugi-mugi Allah nungtun urang sadaya kalawan hidayah-Na, supados urang salawasna tiasa syukuran kana sagala nikmat-Na, supados urang tiasa aya dina sangka saé sarta tiasa ngalakonan kasaéan anu diparéntahkeun ku Anjeunna.

Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar wa lillahil-hamd.

Dina hiji mangsa, Nabi Ibrahim sareng putrana Nabi Ismail nuju sawala badami kalawan nyaah sakumaha dawuhan Allah dina al-Quran Serat As-Saffat ayat 102:

يَا بُنَيَّ إِنِّي أَرَىٰ فِي الْمَنَامِ أَنِّي أَذْبَحُكَ فَانظُرْ مَاذَا تَرَىٰ

“Hé anaking, kaula pisan ngimpén yén kuring meuncit anjeun, kumaha pandangan anjeun?”

Gusti Allah miwarang Nabi Ibrahim pikeun ngorbankeun putrana anu dipikadeudeuh ku anjeunna.

Hadirin Jamaah Shalat Idul Adha rahimakumullaah,

Mangga bayangkeun, putra anu kacida bakti ka sepuh, anu diantos-antos jumeneng-babarna sarta ngurusna anu butuh pangorbanan, tungtungna kedah dipeuncit. kumaha ieu urusanna?

Di hiji lengkob anu teu aya tutuwuhan sarta jalmi, nu ayeuna dilandih Makkah Mukarramah Allah ngahadirkeun kajantenan sajarah sapanjang zaman, pangorbanan Siti Hajar lulumpatan ti Shafa ka Marwah 7x dugi mancur kaluar Zamzam sarta Nabi Ibrahim meuncit kurban.

Putra anu sholeh ti Nabi anu mulia jembar manah, nampi paréntahan Gusti Allah ngalangkungan bapakna.

 يَا أَبَتِ افْعَلْ مَا تُؤْمَرُ ۖ سَتَجِدُنِي إِن شَاءَ اللَّهُ مِنَ الصَّابِرِينَ

Nun bapak, mangga lakonan waé naon piwaranganna (ku Gusti Allah), insya Alah anjeun mendakan abdi lebet ti golongan jalmi anu salobar.” (QS. Ash-Shaffaat: 102)

Nabi Ibrahim sareng Nabi Ismail janten eunteung hadé, conto sapanjang zaman, teladan umat. Aranjeunna junun ngahontal kabagjaan kusabab ngalakonan ujian Gusti Allah kalawan pasrah sumerah. Nabi Ibrahim nyalametkeun tauhid na kalawan ngorbankeun tresna cinta ka putrana. Ogé Nabi Ismail bagja ngabuktoskeun kamurnian pangkat hamba Gusti Allah anu sholeh sarta anak anu bakti ka sepuh.

Allah ngagero Nabi Ibrahim sarta ngaganjar kahadéan, margi parantos ngalaksanakeun parentah-Na. Basa sadugna meuncit, Allah ngagentos langsung Nabi Ismail kalawan sato kurban anu ageung. Allah ogé parantos ngaabadikeun pangaleman-Na anu saé kanggo Nabi Ibrahim dugi ka ahir jaman sakumana dina Al-Quran serat Ash-Shaffat: 104-109

وَنَادَيْنَاهُ أَنْ يَا إِبْرَاهِيمُ )١٠٤( قَدْ صَدَّقْتَ الرُّؤْيَا ۚ إِنَّا كَذَٰلِكَ نَجْزِي الْمُحْسِنِينَ )١٠٥( إِنَّ هَٰذَا لَهُوَ الْبَلَاءُ الْمُبِينُ (١٠٦) وَفَدَيْنَاهُ بِذِبْحٍ عَظِيمٍ (١٠٧) وَتَرَكْنَا عَلَيْهِ فِي الْآخِرِينَ ) ١٠٨( 

سَلَامٌ عَلَىٰ إِبْرَاهِيمَ (١٠٩)

Nalika éta, Kami ngagero: Hé Ibrahim! Saestuna anjeun parantos ngalereskeun impénan éta, saéstuna kitu Kami masihan ganjaran hadé ka jalmi-jalmi anu ngalakonan kasaéan. Saéstuna ieu téh saleres-leresna ujian anu tétéla. Sareng Kami gentos murangkalih éta (Ismail) kalawan sato peupeuncitan anu ageung. Kami abadikeun pikeun Ibrahim (pangaleman anu saé) ti golongan jalmi-jalmi anu dongkap jumeneng saterusna. (Nyaéta) karaharjaan sarta kasalametan pikeun Ibrahim.”

Pasrah sumerah ti Nabi Ibrahim conto teladan umat, kulawargi anu saling mikanyaah kalawan cinta, sarta hubungan anu diwangun kalawan kaimanan ka Gusti Allah ngababarkeun kaifiyat atanapi prakték ibadah anu ngandung ibrah kahadéan sapanjang jaman.

Idul Adha atanapi Lebaran Kurban janten prosés ibadah dina agama Islam anu mupus batas pamisah antawis si beunghar sareng si malarat, ngajembarkeun kanyaah ngabagi-bagikeun daging kurban ka papada umat. Sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi, yén Kurban téh janten amal anu dipikacinta ku Gusti Allah di poéan nahar kaping 10 Dzulhijjah, ngabersihan jiwa sarta wasilah ngareketkeun diri ka Gusti Allah.

مَا عَمِلَ آدَمِيٌّ مِنْ عَمَلٍ يَوْمَ النَّحْرِ أَحَبَّ إِلَى اللهِ مِنْ إِهْرَاقِ الدَّمِ، إِنَّهُ لَيَأْتِي يَوْمَ القِيَامَةِ بِقُرُونِهَا وَأَشْعَارِهَا وَأَظْلاَفِهَا، وَأَنَّ الدَّمَ لَيَقَعُ مِنَ اللهِ بِمَكَانٍ قَبْلَ أَنْ يَقَعَ مِنَ الأَرْضِ، فَطِيبُوا بِهَا نَفْسًا

Teu aya amalan manusa anu paling dipikadeudeuh ku Gusti Allah dina poéan meuncit (poé Nahar atanapi Idul Adha) anging ngucurkeun getih (sato kurban). Margi saestuna, sato kurban téh bakal datang dina poé kiamat sarta tandukna, buluna sarta kukuna. Sareng saestuna getih anu ngocor (ti sato kurban) bakal dugi ka Gusti Allah sateuacan ngeclak kana taneuh. Mangka bersihan jiwa aranjeun kalawan ngalakonan kurban!” (HR. At-Tirmidzi No. 1493)

Kabagjaan pikeun aranjeun anu dinten ieu kurban, kabagjaan pikeun aranjeun anu ngorbankeun naon waé hal anu dipikacinta pikeun ngabuktoskeun cinta ka Gusti Allah, kurban nyaéta buktos cinta sarta takwa aranjeun ka Gusti Allah Pangeran sadaya alam.    

لَنْ يَّنَالَ اللّٰهَ لُحُوْمُهَا وَلَا دِمَاۤؤُهَا وَلٰكِنْ يَّنَالُهُ التَّقْوٰى مِنْكُمْۗ كَذٰلِكَ سَخَّرَهَا لَكُمْ لِتُكَبِّرُوا اللّٰهَ عَلٰى مَا هَدٰىكُمْ ۗ وَبَشِّرِ الْمُحْسِنِيْنَ

“Daging (sato kurban) sarta getihna moal bisa nepi ka Allah, nanging anu nepi ka Gusti téh katakwaan aranjeun. Kukituna Gusti ngjadikeun lindeuk (éta sato kurban) pikeun aranjeun supados aranjeun ngagungkeun Allah sabab pituduh-Na anu dipaparinkeun ka aranjeun. Oge, dugikeun kabar kabungahan pikeun jalmi-jalmi anu ngalakonan kahadéan.” (QS. Al-Hajj: 37)

Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar wa lillahil-hamd.

Ti kawit sajarah kurban, urang tiasa diajar nuwuhkeun husnudon ka Gusti Allah. Yén Nabi Ibrahim milampah paréntah Allah kalawan iman anu kiat tiasa ngajagi prasangka hade ka Gusti Allah.

Saprak anjeunna ngantunkeun Siti Hajar sarta Nabi Ismail di lengkob anu keupat teu aya jalmi pisan, anu anjeunna lakonan kur saukur yakin pasrah sumerah ka Gusti Allah sarta ngayakinkeun bojona yén Allah bakal maparinan kahadéan kalawan du’a.

رَبَّنَآ اِنِّيْٓ اَسْكَنْتُ مِنْ ذُرِّيَّتِيْ بِوَادٍ غَيْرِ ذِيْ زَرْعٍ عِنْدَ بَيْتِكَ الْمُحَرَّمِۙ رَبَّنَا لِيُقِيْمُوا الصَّلٰوةَ فَاجْعَلْ اَفْـِٕدَةً مِّنَ النَّاسِ تَهْوِيْٓ اِلَيْهِمْ وَارْزُقْهُمْ مِّنَ الثَّمَرٰتِ لَعَلَّهُمْ يَشْكُرُوْنَ

“Nun Gusti pangeran abdi sadaya, saestuna abdi parantos merenahkeun sabagian turunan abdi di hiji lengkob anu hentu aya tutuwuhanna, anu caket mungguh bumi Gusti (baitullah) anu dimulyakeun. Nuh Gusti pangeran abdi sadaya, mugia maranéhna kersa ngaradegkeun sholat, mugia jalmi-jalmi anu manteng hatena kersa darongkap ka (tempat) maranehna, sareng mugia Gusti maparinan rizki ka maranehna mangrupi bungbuahan, supados maranéhna syukur ka Gusti.” (QS. Ibrahim: 37)

Sabab husnudon billah, prasangka hadé ka Gusti Allah, pungkasna kulawargi Nabi Ibrahim janten tuladan umat sapanjang jaman, ngalungsurkeun kanyaah Gusti Allah ka umat manusa di bumi ngalangkungan cai Zamzam anu suci, ngalir dugi ka ayeuna ayana.

Saparantosna, kalawan husnudon billah, prasangka hadé ka Gusti, Nabi Ibrahim anu kersa ngorbankeun putrana anu dipikadeudeuh janten sabab Gusti Allah ngalungsurkeun welas asih-Na, ngagentos Ismail janten gibas anu ageung, ngajantenkeun kurban ibadah anu kacida ageung ogé mangpaatna pikeun urang sadaya dugi ka ayeuna.

Para hadirin jamaah shalat Idul Adha rahimakumullah,

Naha urang tiasa nyonto sarta tumut ka Kanjeng Nabi Ibrahim dina yakin sarta sangki hadéna ka Gusti Allah?

Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar wa lillahil-hamd.

Yén nalika kahirupan urang sadaya aya dina kasusahan, mancen tugas sareng ujian ti Gusti Allah, tangtu urang kudu nguatkeun kayakinan hadé ka Gusti, yén Gusti parantos nyayagikeun kasenangan, solusi sareng kabungah.

فَاِنَّ مَعَ الۡعُسۡرِ يُسۡرًا اِنَّ مَعَ الۡعُسۡرِ يُسۡرًا ؕ‏

Mung, saratna urang kedah nyiapkeun katakwaan sareng kaimanan. Oge salian ti kabungah sareng kagampangan, kalawan takwa, Allah parantos nyiapkeun konci solusi pikeun sagala papastén sareng masalah anu dikersakeun ku Anjeunna, sarta limpahan rejeki anu moal tiasa disangki dongkapna.

وَمَنۡ يَّـتَّـقِ اللّٰهَ يَجۡعَلْ لَّهٗ مَخۡرَجًا وَّيَرۡزُقۡهُ مِنۡ حَيۡثُ لَا يَحۡتَسِبُ‌

KHUTBAH KEDUA

اَللهُ اَكْبَرُ، اَللهُ اَكْبَرُ، اَللهُ اَكْبَرُ، اَللهُ اَكْبَرُ، اَللهُ اَكْبَرُ، اَللهُ اَكْبَرُ، اَللهُ اَكْبَرُ،

اللهُ اَكْبَرْ كبيرا وَاْلحَمْدُ للهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ الله بُكْرَةً وَأَصْيْلاً. لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَاللهُ اَكْبَرْ. اللهُ اَكْبَرْ وَللهِ اْلحَمْدُ.

 اَلْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ أَشْهَدُ أَنْ لَاإِلهَ إِلاَّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، أَرْسَلَهُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ، اَللّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ، يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ: يَا أَيُّهَا النَّاسُ اعْبُدُواْ رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ وَالَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ وَقَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: اتَّقِ اللَّهَ حَيْثُمَا كُنْتَ وَأَتْبِعِ السَّيِّئَةَ الْحَسَنَةَ تَمْحُهَا وَخَالِقِ النَّاسَ بِخُلُقٍ حَسَنٍ.

اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبٌ الدَّعَوَاتْ.

 اَللّهُمَّ ارْضَ عَنِ الْخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ وَعَنْ جَمِيْعِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ، اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ إِيْمَانًا كَامِلًا وَيَقِيْنًا صَادِقًا وَقَلْبًا خَاشِعًا وَلِسَانًا ذَاكِرًا وَتَوْبَةً نَصُوْحًا، اَللّهُمَّ أَصْلِحِ الرُعَاةَ وَالرَّعِيَّةَ وَاجْعَلْ إِنْدُوْنِيْسِيَّا وَدِيَارَ الْمُسْلِمِيْنَ آمِنَةً، رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.

 عِبَادَ اللهِ أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ فىِ السِّرِّ وَالْعَلَنِ وَجَانِبُوْا الْفَوَاحِشَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِيْ الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ وللهِ الْحَمْدُ.

Download PDF Materi Khutbah Idul Adha di sini:

Semoga bermanfaat!

Topik Terkait

Sodiq Fajar

Bibliofil. Pemred dakwah.id

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *