khutbah jumat bahasa sunda Hade Laku Lampah Ciri Muslim nu Taat dakwah.id

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Hade Laku Lampah Ciri Muslim nu Taat

Terakhir diperbarui pada · 5,192 views

Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Hade Laku Lampah Ciri Muslim nu Taat

Pemateri: Mubin Amrulloh, Lc., M.S.I

*) Tautan unduhan PDF kanggo bahan khutbah Jumat aya di ahir tulisan

 اَلْحَمْدُ لِلهِ الَّذِي أَمَرَنَا بِتَرْكِ الْمَنَاهِيْ وَفِعْلِ الطَّاعَاتِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِي بِقَوْلِهِ وَفِعْلِهِ إِلَى الرَّشَادِ.

اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَاِبهِ الهَادِيْنَ لِلصَّوَابِ وَعَلَى التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ اْلمَآبِ.

اَمَّا بَعْدُ، فَيَا اَيُّهَا الْمُسْلِمُوْنَ، اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِه وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلَّا وَأَنـْتُمْ مُسْلِمُوْنَ فَقَدْ قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِي كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ، يَا اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ.

Para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Alhamdulillah, urang sadayana masih kénéh ditepangkeun ku Allah di tempat anu mulya ieu, masjid Allah. Dina dinten Jumaah anu mulya ieu. Kalayan disarengan ku jalmi-jalmi anu mulya, jalmi-jalmi anu takwa. Mudah-mudahan kabarakahan minuhan urang sadaya.

Anu munggaran tur utami, hayu urang ronjatkeun katakwaan urang ka Allah. Takwa anu diwujudkeun ku kataatan ka Allah. Ngajalankeun sakabéh peréntah-Na jeung ninggalkeun sakabéh panyarék Mantenna.

Para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Satemenna kanjeng nabi kantos dipitaros perkawis naon bae anu bisa ngajadikeun umatna dimudahkeun lebet kana surga nu maha kawasa, dina salahsawios hadits kanjeng Nabi nyaurkeun,

تَقْوَى اللهِ، وَحُسْنُ الْخُلُقِ

Yen anu tiasa janten wasilah umatna kanjeng nabi lebet kana surge teh nyaeta laku taqwa sareng hade laku lampah atanapi akhlak anu sae.” (HR. At-Tirmizi No. 2004)

Para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Kanjeng Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam dipaparin ku Allah akhlak anu sae, sahingga anjeunna ditempatkeun ku nu Maha Kawasa dina posisi al-Qimmah al-‘Aliyah atanapi posisi “klasemen teratas” dina perkawis akhlak ieu, saking muliana akhlak anjeunna, Allah subhanahu wata’ala dugi ka ngalem anjeunna dina al-Quran, sakumaha dina al-Quran Allah subhanahu wata’ala ngaabadikeun, saurna,

وَإِنَّكَ لَعَلَىٰ خُلُقٍ عَظِيمٍ

Jeung satemenna ari anjeun teh ngabogaan budi pekerti anu agung.” (QS: Al-Qalam: 4)

Para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Satemenna Allah subhanahu wata’ala parantos nyediakeun surga oge kamuliaan kanggo para walina anu ajeug tur istiqomah dina akhlak. Oge laku lampah anu hade kalayan ieu akhlak teh janten parentah anu didugikeun ka umatna kanjeng Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam, nu mana akhlak nu sae ieu diparengan ku taufiqna nu maha kawasa di dunia. Oge pitulungna dina ngalakonan kahadean keur pibekeleun di yaumil jaza’ wal hisab.

Sabalikna, ma’asyiral muslimin, Allah subhanahu wata’ala parantos nyediakeun siksaan oge kamudaratan pikeun jalma anu nyeleweng tina parentahna, kalayan dibarengan ku laku kasombongan dina kahirupanna, ieu jalma ku Allah ditempatkeun dina tempat anu paling hina. Na’udzubillahi min dzalik.

Para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Akhlak sae anu diajarkeun ku agama ieu teh nyaeta sakumaha anu diparentahkeun ku Allah dina Al-Quran oge anu sakumaha diajarkeun ku kanjeng nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam dina haditsna. Dina ieu waktos simkuring nutur sababaraha ayat Al-Quran anu difirmankeun ku Allah perkawis parentah oge pangbubungah atanapi motivasi kanggo urang sangkan ngagaduhan laku lampah anu sae. Salahsawiosna firman Allah subhanahu wata’ala dina al-Quran Surat al-Baqarah ayat 83.

Allah subhanahu wata’ala ngadauh,

وَقُوْلُوْا لِلنَّاسِ حُسْنًا وَّاَقِيْمُوا الصَّلٰوةَ وَاٰتُوا الزَّكٰوةَ

Jeung ucapkeun ku aranjeun ka sakabeh manusa ucapan anu sae, jeung laksanakeun shalat oge tunaikeun zakat.” (QS. Al-Baqarah: 83)

Ayat ieu nunjukkeun ka urang sadaya bahwa Allah nu maha kawasa marentahkeun ka urang sangkan ngalakukeun ihsan ka sakabeh umat manusa secara umum, ku pidauhna وَقُوْلُوْا لِلنَّاسِ حُسْنًا, diantawis qaul hasan atanapi ucapan anu sae teh nyaeta laku amar makruf nahyul munkar, ngajarkeun ilmu, nyebarkeun salam, jeung nu sejeunna tina sagala ucapan anu sae. 

Ma’asyiral muslimin, para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Dina waktuna umat manusa teu sanggup ngalakonan kasaean ku anu dipimilikna tina harta banda, maka agama ieu teu ngajarkeun kasulitan dina urusan agama, dina kahadean teu sanggup ku harta, maka bisa wae urang sadaya ngalakonan kasaean ieuteh ku sa pangabisa nu dipimilik ku urang, contohna hade dina tutur kata ka sakabeh makhluk, hatta ka jalma anu lian ti urang nyaeta kaum kuffar, sakumaha pidauh Allah subhanahu wata’ala dina al-Quran,

وَلَا تُجَادِلُوْٓا اَهْلَ الْكِتٰبِ اِلَّا بِالَّتِيْ هِيَ اَحْسَنُ

Ulah bantah-bantahan anjeun kabeh jeung Ahlul Kitab, kajaba ku jalan atanapi cara anu leuwih hade.” (QS. Al-Ankabut: 46)

Ku kituna, parentah ngalakukeun kahadean ku laku lampah atanapi akhlak anu sae teh teu saukur dina ucapan urang sareng sasama muslim wungkul, balikta jeung sakabeh manusa, naon margina? Akhlak anu sae ngajantenkeun pelakuna ngameunangkeun darajat anu luhur disandingeun Allah nyaeta sepertos derajatna jalma nu puasa kalayan dimimitian ku qiyamullail (HR. Abu Daud), margi, kitu oge akhlak anu sae teh mangrupikeun hiji sifat anu melekat dina diri hiji jalma.

Para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Sajaba ti eta, hade laku lampah atanapi akhlak anu sae oge bisa miboga arti كَفُّ الأَذَى   nu artina nahan diri sangkan teu nyela hiji jalma, sakumaha salafus shalih parantos ngadauh perkawis arti akhlak anu sae atanapi husnul khuluq ieu, sepertos ‘Abdullah ibn Al-Mubarak nyebatkeun makna husnul khuluq ku cariosanna,

هُوَ بَسْطُ الوَجْهِ، وَبَذْلُ المَعْرُوفِ، وَكَفُّ الأَذَى

“(Husnul Khuluq atanapi Akhlak nu sae teh nyaeta) nampakkeun wajah anu berseri-seri, jeung ngupayakeun laku lampah nu sae, oge nahan diri tina nyela atanapi nyinggung paraosan batur.” (HR. At-Tirmizi No. 2005)

Para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Allah subhanahu wata’ala ngalangkungan Al-Quran oge Kanjeng Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam ngalangkungan haditna parantos ngejentrekeun perkawis haramna ngalukai atanapi ngarendahkeun harkat martabat manusa kalayan teu dibarengan kunu jadi hakna, sepertos dina hiji Ayat Allah subhanahu wata’ala ngadauhkeun,

وَالَّذِيْنَ يُؤْذُوْنَ الْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنٰتِ بِغَيْرِ مَا اكْتَسَبُوْا فَقَدِ احْتَمَلُوْا بُهْتَانًا وَّاِثْمًا مُّبِيْنًا

Jeung jalma-jalma anu nganyenyeri jalma-jalma mukmin lalaki oge mukminat tanpa kasalahanana, maka satemenna maranehna geus nanggung kabohongan jeung dosa anu nyata.” (QS. Al-Ahzab: 58)

Para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Satemenna كَفُّ الأَذَى   atanapi nahan diri tina ngalukai umat muslim mangrupikeun hiji ibadah anu ageung ganjaranana, sakumaha Al-Quran oge hadits nabi parantos ngajentrekeun perkawis kautamaan oge posisina di sandingen Allah subhanahu wata’ala.

Jeung syariat oge tangtosna ngalarang kana ngalukai umat Muslim, naon sababna? Margi Allah subhanahu wata’ala nempatkeun kahormatan diri umat muslim di posisi anu terhormat, sareng laku ngalukai kahormatan muslim janten sabab tumibana mumusuhan oge ngundang kabendu di tengah-tengah masyarakat.

Imam Hasan Al-Bashri rahimahullah sakumaha ditutur dina kitab Makarim Al-Akhlak karya imam al-Kharaithi ngadauh,

أَيُّهَا النَّاسُ! إِنْ سَرَّكُمْ أَنْ تَسْلَمُوا وَيَسْلَمَ لَكُمْ دِينُكُمْ؛ فَكُفُّوا أَيْدِيَكُمْ عَنْ دِمَاءِ النَّاسِ، وَكُفُّوا أَلْسِنَتَكُمْ عَنْ أَعْرَاضِهِمْ، وَكُفُّوا بُطُونَكُمْ عَنْ أَمْوَالِهِمْ

Wahai sakabeh jalma! Lamuun anjeun resep sareng mikahayang aya dina kasalamatan diri oge salamet agama aranjeun, maka ku kituna tahan leungeun-leungeun anjeun tina ngocorkeun getih manusa, jeung tahan letah aranjeun tina nyilakakeun kahormatan maranehna, oge tahan beuteung aranjeun kabeh tina ngadahar harta banda maranehna.” (Makarim Al-Akhlaq, Imam al-Kharaithi, 379)

Para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Tina ungkapan eta urang tiasa nyandak kesimpulan yen umat muslim kudu bisa ngajaga diri tina opat kaharaman:

Kahiji: Haram jalma muslim ngabahayakeun umat muslim nu sejen ku jalan ngocorkeun darahna

Ma’asyiral muslimin, laku lampah anu dibendu ku Allah dina jalan ngocorkeun darah jalma Muslim parantos diwanti-wanti ku Allah yen saha wae nu ngalakukeun eta kalakuan, maka lebet kana janji Allah subhanahu wata’ala dina dauhna,

مِنْ أَجْلِ ذَٰلِكَ كَتَبْنَا عَلَىٰ بَنِي إِسْرَائِيلَ أَنَّهُ مَن قَتَلَ نَفْسًا بِغَيْرِ نَفْسٍ أَوْ فَسَادٍ فِي الْأَرْضِ فَكَأَنَّمَا قَتَلَ النَّاسَ جَمِيعًا وَمَنْ أَحْيَاهَا فَكَأَنَّمَا أَحْيَا النَّاسَ جَمِيعًا 

Ku sabab kitu Kami netepkeun (hukum) pikeun Bani Israil, nya eta: sing saha anu maehan hiji manusa, lain ku sabab eta jalma (maehan) jalma sejen, atawa lain lantaran nyieun karuksakan di muka bumi, maka saolah-olah geus maehan sakabeh manusa. Jeung sing saha jalma anu ngajaga kahirupan hiji jalma, nya saolah-olah geus ngajaga kahirupan sakabeh manusa.” (QS. Al-Maidah: 32)

Kadua: Haram jalma muslim ngarampas harta banda muslim nu sejenna

Para wargi sadaya, salahsawios bentuk prilaku ngarampas harta banda umat muslim nyaeta ku jalan maok, ghasab, ingkar kana kawajiban anu samestina dilakonan kalayan segera, sepertos hutang piutang jeung sajabana, iyeu sadaya lebet kana laku ngarampas harta anu dilarang ku agama, naon margina? Anu janten kawajiban muslim teh nyaeta ngajagi kahurmatan sodarana. Allah subhanahu wata’ala ngadauh,

وَلا تَأْكُلُوا أَمْوَالَكُمْ بَيْنَكُم بِالْبَاطِلِ وَتُدْلُوا بِهَا إِلَى الْحُكَّامِ لِتَأْكُلُوا فَرِيقًا مِّنْ أَمْوَالِ النَّاسِ بِالإِثْمِ وَأَنتُمْ تَعْلَمُونَ

Jeung ulah nepi ka sabagian maranéh ngadahar harta banda anu séjén ku jalan batil, jeung (ulah) mawa harta ka hakim, supaya maranéh bisa ngadahar sabagian harta batur ku jalan dosa, padahal maraneh nyaraho.” (QS. Al-Baqarah: 188)

Katilu: Haram jalma muslim ngarampas kahurmatan muslim nu sejenna

Tinia salahsawios gambaran pangawon-awonna laku ngalukai kahurmatan jalma muslim nyaeta ngarampas kahurmatanana ku jalan ghibah, namimah, ngagogoreng, oge laku nu sajabanna, naon sababna?

Margi satemenna buktos agungna syariat Islam ieu teh nyaeta Islam hadir ku jalan pikeun ngajaga kahurmatan oge tabiat kamanusaan hiji jalma, kusabab kitu Islam mangrupikeun agama anu bersih oge suci.

Karena Islam ngajarkeun tentang ngajagi kahurmatan diri sadaya umatna sareng ngaharamkeun sagala perilaku ngarampas anu naon wae bentukna. Perkawis masalah ieu Allah subhanahu wata’ala parantos negaskeun dina al-Quran, dauhna,

إِنَّ اللَّهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإِحْسَانِ وَإِيتَاءِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُونَ

Saéstuna Allah maréntahkeun (manéh) sangkan adil jeung migawé kahadéan, méré ka sanak kulawarga, jeung Allah ngaharamkeun kana kalakuan nu mungkar, kajahatan jeung kamusuhan. Anjeunna masihan pangajaran ka anjeun supados anjeun tiasa nyandak pelajaran.” (QS: An-Nahl: 90)

Ka opat: Haram jalma muslim ngabahayakeun urusan hirup muslim nu sejen

Syariat Rabbaniyah anu maksadna syariat Islam parantos mandu ka sakabeh umatna ku jalan panduan anu mulia, nyaeta dina bentuk ngalarang nyieun pibahayaeun dina urusan jalma muslim.

Contohna: nibakeun cucuk atanapi paku di jalanan anu dilewatan ku jalma muslim nu sejen, jeung ngagedekeun sora anu matak ngaganggu ka batur. Oge contoh nu sejenna sepertos nibakeun runtah atanapi sampah bari dibarengan ku perilaku sakarep insu jeung teu dibarengan ku perilaku ngahargaan ka batur.

Ieu masalah anu sakitu biasana dilakonan ku urang sabenerna parantos diwanti-wanti ku rasul Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam dina pidauhna,

مَنْ آذَى الْمُسْلِمِيْنَ فِي طُرُقِهِمْ؛ وَجَبَتْ عَلَيْهِ لَعْنَتُهُمْ

Sing saha jalma anu ngaganggu kaum muslimin dina jalanna, tangtu bakal meunang laknat ti maranehna.” (HR. Ath-Thabrani No. 3050)

Oge hadits nu lainna, Rasulullah shallallahu ‘alaihi wasallam ngadauh,

اتَّقُوا الْمَلَاعِنَ الثَّلَاثَةَ: الْبَرَازَ فِي الْمَوَارِدِ، وَقَارِعَةِ الطَّرِيقِ، وَالظِّلِّ

Aranjeun kudu ngajauhan tilu tempat anu ngadatangkeun laknat, nyaéta; miceun hajat (banda najis) dimana cai ngalir, jalan anu dilalui ku manusa sareng tempat panyumputan.” (HR. Abu Daud No. 27)

Dua hadits tadi mangrupikeun contoh sareng peringatan kanggo urang sadaya yen sakur-sakur jalma muslim ngagaduhan hak kanggo hirup tenang ti gogoda jalma nu sejenna, ku ayana kitu Islam ngajamin kana eta hak, jeung rasul Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam oge masihan panduan dina ngalakonan kawajiban eta.

Para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Sakieu anu tiasa ku khatib didugikeun, mugi-mugi urang sadaya dipaparin ku Allah nu maha kawasa kakiatan kanggo ngalakonan sagala rupi anu diparentah ku mantenna oge dipaparin taufik sareng hidayahna kanggo ngajalankeun sagala rupi anu dicontokeun ku Rasulna Kanjeng Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam.

بَارَكَ اللهُ لِي وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِي هذَا وَاَسْتَغْفِرُ اللهَ لِي وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ مِنْ كُلِّ ذَنْبٍ، فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

KHUTBAH KADUA

اَلْحَمْدُ للهِ وَكَفَى، وَأُصَلِّي وَأُسَلِّمُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ الْمُصْطَفَى، وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَهْلِ الْوَفَا، أَمَّا بَعْدُ،

فَيَا أَيُّهَا الْمُسْلِمُوْنَ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ عَظِيْمٍ، أَمَرَكُمْ بِالصَّلَاةِ وَالسَّلَامِ عَلَى نَبِيِّهِ الْكَرِيْمِ فَقَالَ: إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيْمًا،

اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ، فِيْ الْعَالَمِيْنَ إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ.

اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ والْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ الْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْأَمْوَاتِ، اَللّٰهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا الْبَلَاءَ وَالْغَلَاءَ وَالْوَبَاءَ وَالْفَحْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ وَالْبَغْيَ وَالسُّيُوْفَ الْمُخْتَلِفَةَ وَالشَّدَائِدَ وَالْمِحَنَ، مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، مِنْ بَلَدِنَا هَذَا خَاصَّةً وَمِنْ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ عَامَّةً، اللَّهُمَّ حَرِّرْ بَيْتَ المَقْدِسِ إِنَّكَ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ.

عِبَادَ اللهِ، إنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَالْإحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبَى ويَنْهَى عَنِ الفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَر.

Unduh PDF Materi Khutbah Jumat Singkat pikeun dakwah.id
Hade Laku Lampah Ciri Muslim nu Taat di dieu:

Mugia aya mangpaatna!

Topik Terkait

Mubin Amrullah

Direktur Markaz Tahfidz Daarut Tanziil Bogor Jawa Barat, Alumni LIPIA Jakarta dan Magister Dirasah Islamiyah UIN Syarif Hidayatullah Jakarta, Konsentrasi Syariah Islam (Ilmu Studi Islam).

6 Tanggapan

Assalamualaikum,harapan saya dapat menerima materi hutbah Jum,at dalam bahasa Sunda setiap minggunya

Alhamdulillah terimakasih dakwah, id
Untuk semuanya ini sangat membantu untuk saya memahami ilmu agama adiinul islam 🙏
Semoga ALLOH SUBHANAHU WA TA’ALA memberikan kemudahan dalam berdakwah

Alhamdulillah jazakumulloh Khoiron kasir terima kasih,sangat membantu dalam menyebarkan dakwah, mantap mempermudah dalam menyampaikan dalam berdakwah 🙏🙏🙏🙏

Alhamdulillah. Semoga Allah ridha.

Alhamdulillah jazakumulloh Khoiron kasir terima kasih,sangat membantu dalam menyebarkan dakwah, mantap

Alhamdulillah. Doakan kami. Semoga seluruh tim dakwah.id Allah mampukan untuk mengemban amanah ini.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *